Archive for category Bobodoran
Dina rangka pupujieun
Dina rangka pupujieun, Adun jeung babaturanana milu pelatihan teuing di ITB. Caritana hiji sobat Adun meuli gantungan konci nu make Logo ITB, terus pamer ka Adun
Ibro (sobat Adun) : “Dun, tempo yeuh urang meuli ieu.” (bari ningalikeun gantungan konci).
Adun: “Jang Naon Bro ?”
Ibro : “Jang anak sayah. Jadi lamun anak sayah nanya, ku urang dijawab ‘Papa baru pulang sekolah di ITB’” (kata Iqbal dengan penuh Wibawa & Kebanggan).
Adun : “Lamun anak maneh nanya ‘pah ITB teh apa ?’”
Ibro : “Institut Teknologi Bandung.”
Adun : “Lamun anak manek nanya ‘Kalo Institut Apa ?’
Ibro: “Institut……nya institut….!. Ari ceuk maneh naon..?” (Iqbal balik nanya bari ngetest)
Adun : “Piraku poho? pan aya laguna…”
Ibro: “Kumahaaaa…?” ( panasaran)
Adun : “Institut Daun Sampeu, saha nu hitut eta nu ngambeu.”
Ibro : “Gelo sia mah, kakolot teh.” (bari indit)
Adun : “Bae ahh…”
Naon anu haram??
Ali : “Kadaharan naon nu haram?”
Adun : “Babi..!”
Ali : “Nu leuwih haram deui?”
Adun : “Babi nu ngandung babi deui.”
Ali : ” Nu pangharamna?”
Adun embung eleh : ” Babi nu ngandung babi teu boga bapa, siah…!”
Si maling Rumasa
Awal carita mangsa peuting keur sepi jempling, aya maling keur ulak ilik ka katuhu jeung kenca, ngaler ngidul jeung ngulon, tuluy keteyep ngadekeutan ka hiji imah panggung, maklum dikampung mah masih keneh loba imah panggung, jeung biasana kolong imah teh sok dijieun kadang hayam, kandang entog, kandang kelenci, pokona mah kolong imah teh sok dijieun kandang ingonan anu manfaat keur kulawargana, multi level meureun nya ayeuna mah istilahna teh.
Tah simaling teh caritana rek maling hayam, rerencepan muka panto kandang bari jeung dugdag-degdeg da sieun kadengeeun kunu boga imah, barang keur muka panto kandang ngadenge aya sora awewe “kang….tos dibuka……”, simaling ngagerendeng na hatena “duh! nyahoeun aing muka panto”, simaling jempe sakeudeung, teu kungsi lila tuluy moncor sirahna ka kandang, ti imah kadenge deui sora awewe “duh kang tos lebet nya !!!” sorana rada tarik, simaling ngorejat bari kukulutus dina hatena “haram jadah! nyahoeun aing rek maling hayam !”, padahal nu dijero imah mah teu nyahoeun nanaon da puguh keur sosonoan, maklum masih pangantenan.
Isukna simaling jualan bonteng di pasar, kabeneran sipanganten oge indit kapasar, pas liwat ka tukang bonteng awewena nyarita ka salakina bari ngadilak ka tukang bonteng, pokna teh “kang siga nu wengi nya!”. maksudna kana bonteng, tapi Tukang bonteng ngageubeug hatena, rey…… beungeutna ngadadak beureum, tuluy hudang tina diukna, beretek lumpat tipoporose sieun ditewak, hatena baceo “duh bener-bener nyahoeun ka aing”. padahal si awewe mah ngomong kitu teh kanu boga salakina.
Matakna Juma’ahan…
Kacaritakeun….
Aya hiji jajaka muslim nu teu Juma’ahan.
Manéhna kalahka ka leuweung rék moro hayam leuweung.
Keur keketeyepan dina jukut nu jarangkung jeung bala, ujug-ujug papaliwat jeung sakadang Maung nu keur saré.
Bakatku reuwas, bedilna murag kana jungkrang. Manéhna labuh, ngagedebru pas pisan diluhureun batu… Kraakkkk! Dua sukuna potong…
Ieu mah lain béja goréng.
Tapi goréng béjana nyaéta sakadang Maung nu tadi keur saré hudang tuluy nyampeurkeun jiga nu rék ngahakan, mangkaningan manéhna geus teu bisa walakaya.
“Ya Allah,” éta jajaka ngadu’a,
”Hapunten sagala dosa perdosaan kuring pédah teu Juma’ahan dina poé Juma’ah nu mulya ieu…
Hapunten ya Allah, jantenkeun ieu Maung nu ngudag kuring, janten Maung nu soléh… Tulung ya Rab…! Amiiin….”
Sakedét nétra aya sora ngaguruh! Sakadang Maung ngarandeg hareupeun pisan éta jajaka…. Dua sukuna nu hareup dikaluhurkeun bari nyarita,
”Allaahumma baarik lanaa, fiimaa razaqtanaa, wa qinaa adzaabannaar. Amin!”
*buat yg ga ngerti Bahasa Sunda, maaf ya… coba di tanya ajah sama temennya.. minta tolong translate-in.. sekalian belajar ya.*